BAB I
BUBUKA
A. Maksud jeung tujuan penulis
1. Kanggo ngenal salah sahiji paninggalan nasional anu aya di kacamatan leles kabupaten Garut.
2. Hoyong nyumbangkan tanaga jeung pikiran dina palestarian peninggalan Nasional khususna candi cangkuang.
B. Cara nelaah
Dina penyusunan jeung pemecahan masalah anu bade dibahas dina buku ieu, penulis merlukeun data kanggo dijadikeun pegangan atawa dasar dina bahasan. Dina pengumpulan jeung penelitian data, ngagunakan dua macam cara, nyaeta:
1. Book survey
2. Wawancara
BAB II
SATUKANGEUNANA
A. Kaayaan umum kampung pulo desa cangkuang
Desa cangkuang asalna tina ngaran tangkal anu seuer manggihan di sakitar makam embah dalem Arif Muhammad, namina tangkal cangkuang, tangkal ieu sejenis tangkal pandan dina bahasa latin (fandanus furcatus), jaman tempo dauna dimanfaatkan kanggo nyieunan tuduk, samak atawa pangabungkus gula aren.
Tambah dalem Arif Muhammad jeung kawan-kawan masyarakat setempat anu ngabendung daerah ieu, saestuna jadi hiji “Situ Cangkuang” dina kurang lebih abad XVII.
Embah dalem Arif Muhammad jenung kawan-kawan asalna ti karajaan Mataram di Jawa Timur. Manehna datang rek nyerang tentara VOC di Batavia bari nyebarkan agama Islam di desa cangkuang khususna kebupaten Garut umumna.
Di desa cangkuang khususna kampung pulo waktos eta tos di huni ku penduduk anu nganut agama Hindu. Diditu aya candi Hindu anu ayeuna tos di pugar.
BAB III
BAHASAN MASALAH
A. Letak Geografis
Kantor Desa Cangkuang ayana kurang leuwih dina jarak 2 km ti ibu kota kacamatan, nyaeta diliwatan ku jalan puk (pekerjaan umum kabupaten), agama di kampung Cangkuang.
Sebelah utara batasna jeung Desa Neglasari kacamatan Kadungora, sebelah timur batasna jeung desa karang anyar jeung desa tambaksari kecamatan Leuwigoong, sabelah selatan batasna jeung Desa Margalunyu jeung Desa Sukarame kecamatan Leles. Sebelah barat batasna jeung Desa Talagasari kacamatan Kadungora jeung Desa Leles Kacamatan Leles.
B. Letak Desa Cangkuang Kacamatan Leles
Desa cangkuang aya diwilayah kacamatan leles, kabupaten garut. Kaasup Zone tengah (zone depresi), mangrupa bagian tenggara zone Bandung, dimana bagian ieu mangrupa wilayah paling selatan ti zone tengah anu sacara morfologis anu kaasup daerah dataran tinggi kira-kira 600-700 m ti permukaan laut. Desa cangkuang aya ti kaluhuran 675 m ti permukaan laut.
C. Luas Tempat
Desa cangkuang hiji daerah anu aya bukit, jeung dataran anu bandinganana kacantum dina buku laporan kepala desa cangkuang tahun 2001, nyaeta 15% tanah bukit jeung 85% tanah dataran anu ngaliput luas sakabehna 340, 755 Ha jeung dataran 89 Ha.
D. Kaayaan penduduk kampung pulo nurutkeun tingkat umur bulan maret
2002
Tabel No. 2
| No | Umur | Laki-laki | Perempuan | Jumlah |
| 1 | 0 – 4 tahun | - | - | - |
| 2 | 5 – 9 tahun | - | - | - |
| 3 | 10 – 14 tahun | 1 | - | 1 |
| 4 | 15 – 19 tahun | 2 | 1 | 3 |
| 5 | 20 – 24 tahun | 1 | 1 | 2 |
| 6 | 25 – 29 tahun | 1 | - | 1 |
| 7 | 30 -34 tahun | 1 | 1 | 2 |
| 8 | 35 -39 tahun | - | 1 | 1 |
| 9 | 40 – 44 tahun | - | 1 | 1 |
| 10 | 45 – 49 tahun | - | 1 | 1 |
| 11 | 50 – 54 tahun | 2 | 1 | 3 |
| 12 | 55 – 59 tahun | 1 | - | 1 |
| 13 | 60 – 64 tahun | - | 1 | 1 |
| 14 | 65 ke atas | 1 | 3 | 4 |
Nama-nama kepala keluarga
1. Iri (guru kunci atau kuncen)
2. Umar
3. Uju
4. Iri
5. Cucu Suparman
6. Ijah (janda)
E. Kaayaan penduduk kampung pulo menurut tingkat pendidikan 2002
Tabel No. 3
| No | Jenis Pendidikan | Jumlah | Keterangan |
| 1 | Tingkat tamat R/SD | 5 | Sekolah rakyat |
| 2 | Tamat SD | 8 | |
| 3 | Tamat SLTP | 3 | |
| 4 | Tamat SMU/SMK | 5 | |
| 5 | Perguruan Tinggi | - | |
| Jumlah | 21 | | |
F. Kasab Usaha
Sagigireunnana pemandangan di sekitar desa cangkuang adalah hamparan sawah anu luas jeung situ nyairan sawah di desa cangkuang jeung sakitarna. Bisa disebut bahwa sebagianana penduduk desa cangkuang mata pencaharianana kana tani.
Maranehna aya anu boga mata pencaharianana anu lain nyaeta pokok atawa sampingan saperti petani, dagang ngusep (ngala lauk), ngayuh rakit jeung sajabana.
G. Tabel Rahayat Kampung Pulo Menurut Mata Pencaharian
Tabel 4
| No | Mata pencaharian | Jumlah |
| 1 | Petani | 7 |
| 2 | PNS | 1 |
| 3 | Buruh | 1 |
| 4 | Dagang | 6 |
| Jumlah | 15 | |
H. Sajarah kapanggihna candi cangkuang
Rombongan leles manggihan sasakala candi cangkuang jeung sakuliahna dina tanggal 9 Desember 1966. Nu pimpin rombongan ieu nyaeta Bapak Idji Hatadji (Direktur CV. Haruman).
Rombongan sajarah leles kekuatan ku Prof. Harsoyo jeung ketua penelitian sajarah jeung kapurbakalaan nyaeta Drs. Uka Tjandrasasmita, seorang ahli purbakala Islam dina lembaga purbakala.
Drs. Uka Tjandrasasmita anu mimitina nenjo ayana batu nu mangrupa pragmen tina hiji bangunan candi jeung disamping eta kapanggih hiji makam, kuno satuluyna arca (patung) siswa anu geus rusak, papanggihan ieu nyata tina hiji gunung di kampus pulo desa cangkuang.
Panalitian ieu nganyatakeun kana tulisan Vorderman dina bukuna Notulen Bataviaasch Genootschap terbitan tahun 1893 nu nganyatakeun yen di desa cangkuang aya makam kuno (Arif Muhammad) jeung hiji area anu geus rusak Volderman sama sakali teu nyebat ayeuna batu-batu urut bangunan candi.
BAB IV
RINGKASAN JEUNG BONGBOLONGAN
A. Ringkasan
1. Candi cangkuang mimiti kapanggihna ku rombongan sajarah leles tanggal 9 Desember 1966.
2. Paromakan candi cangkuang dilakukeun tahun 1974 – 1976 ku proyek binaan kapurbakalaan jeung paninggalan nasional
3. Embah dalem Arif Muhammad nyaeta hiji tentara Mataram anu ngadon ngilu cicing di kampung pulo jeung mangrupa jalma nu mimiti nyebarkan agama Islam, di kampung pulo.
4. Di kampung pulo desa candi cangkuang aya 6 rorompok adat jeung hiji bangunan mesjid.
B. Bongbolongan
Ieu makalah teh jauh ka kasempurnaan ku margi kitu nu nulis perlu aya bongbolongan.
